Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
67
  1. Lĕbah Pandji tĕpoeng djeung Bramani, di parahoe raden patih soeka, soemawon lĕbah tatanen, lĕbah pĕrang di goenoeng, djeung panglima oerang Banggali, meunang Andajaningrat, soekana kalangkoeng, noetoepkeun soeka-boengahna, lĕbah Pandji djadi pangeran dipati, moerba saparo Tjĕmpa.
  2. Bangĕt soeka-manah raden patih, kitoe deui nji mas Toendjoeng teja, moedji soekoer ka jang manon, rahaden patih njaoer, moegi loeloes bagdja ki Pandji, djadi radja di Tjĕmpa, dajeuh rame gĕmoeh, reja hasil kaoentoengan, njakrawati balad sasama bopati, leuwih ti Sokadana.
  3. Ki Djanggala sarĕng sang Bramani, ĕnggeus lawas di Sokadanana, oenggal peuting oenggal powe, kari di rijoeng-rijoeng, koe ki patih koe njai patih, nji Toendjoeng hanteu anggang, di tanggap tjatjatoer, tjatjarita lalampahan, teu kaliwat ditetek diboelak balik, geus meunang doewa boelan.
  4. Ki Djanggala sarĕng ki Bramani, geus pamitan rek "moelang ka Tjĕmpa, mĕlang koe dipati anom, raden patih katjatoer, ĕnggeus njĕrat bade ka Pandji, oenina eta sĕrat, ijeu sĕrat katoer, ka salira linggih poetra, praboe anom Bahoedĕnda njakrawati, senapati ngalaga.
  5. Sarĕng pirang-pirang soeka-ati, bapa ĕnggeus tampi kikintoenan, roepa harta djeung pangnganggo, bapa kaliwal soekoer, noe ditĕda beurang djeung peuting, ka noe moerba wisesa, eta ngan sakitoe, moega-moega manggih dradjad, tapi poma oelah rek lali ka djangdji, wĕwĕkas bapa teja.
  6. Bapa soekoer tatapi aringgis, wantoe-wantoe padjaoeh djeung bapa, djĕnĕng di nagara sedjen, bisi aja noe giroek, noe panastren doemehna moekti, watĕk adat manoesa, aloerna kapoengkoer, loewangna katoekang-toekang, sok istrenan koedoe idjid ka noe moekti, sok ngewa ka noe moelja.
  7. Koedoe bae didjaga dipikir, leuwi djĕra radjeun kateuleuman, ari hate djalma goreng, teu katembong kasoeroep, leuwih djĕro ti batan leuwi, koedoe pikir rangkĕpan,
5* D