Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

PANDJI WOELOENG.

DANGDANGGOELA.

  1. Dangdanggoela noe awit digoerit, noe dianggit tjarita baheula, noeroen tina kitab kahot, ditoeroen kana lagoe, noe dipambrih reja noe soedi, malar reja noe soeka, ari noe ditjatoer, aja sahidji nagara, Sokadana nagara gĕde teh teuing, moerah keur kahiroepan.
  2. Reja sato koeda sapi moending, soegih doenja teu aja kakoerang, reja kĕtan reja kĕton, ari noe djadi ratoe, kakasihna Dewakeswari, mangsa djaman harita, kongas ratoe poendjoel, sabar adil palamarta, papatihna ngaran Lĕmboe Djajeng Pati, рĕrnah misanan radja.
  3. Нidji asal ratoe sarĕng patih, sarta ratoe kalangkoeng asihna, ki patih nja kitoe keneh, asih pisan ka ratoe, bеurang peuting teu aja deui, anoe didjaga-djaga, ngan salamĕt ratoe, sarta salamĕt nagara, katjatoerkeun sang ratoe kagoengan sĕlir, asal ti Ваlangbangan.
  4. Langkoeng-langkoeng koe radja diasih, tina bisa pisan ngawoelana, sarta djeung roepana hade, manis pantĕs djeung loenggoeh, tеu koemaki doemeh diasih, katjatoer lila-lila, bobot ti sang ratoe, geus djangkĕр salapam boelan, katjarita prameswari langkoeng idjid, ka eta sĕlir teja.
  5. Аnoe ngaran njimas Тоendjoengsari, doemeh reuneuh patoetan ti radja, ari manah pawarang teh, ratoe geus tangtoe woewoeh, kanjaähna ka Тоendjoengsari, djadi saäkal-akal, njijar ambrih giroek, pitjeutjeuban piwoeroengan, doekoen-doekoen dikĕloen tapi teu matih, pirang-pirang tarekah.
D 1