Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
2
  1. Djampe-djampe pitoetoer paradji, noe dipalar koe pawarang radja, soepaja bobot teu sijos, tapi keukeuh mĕlĕndoeng, sarta radja tambah kaäsih, pawarang tambah soesah, ngamanahan maroe, geus wĕleh kijas tarekah, djampe-djampe teu pisan aja noe matih, hanas karoeroegijan.
  2. Oenggal doekoen djeung oenggal paradji, pada boga sanggoep ka pawarang, djampe piwoeroengan bobot, sarta boga panoehoen, beda-beda oenggal paradji, sarat pamatih toembal, sakabeh ditoeroet, bejak pirang-pirang arta, tapi kabeh tarekah doekoen teu matih, toeloej bidjil akalna.
  3. Аkal dĕngki ngistorikeun sĕlir, hidji mangsa pawarang hatoeгan, sasaoeran di djĕro pangkeng, noen ratoe amit matoer, doemeh eta poen Тоепdjoengsari, aja lampahna salah, tjidra ka sangratoe, gadoeh lampah bobogohan, hidji mangsa kapanggih di ĕnggon soeni, eukeur padoedoewaän.
  4. Reudjeung mantri ngaran poen Panolih, malah reja nое manggihan inja, keur ngĕdĕng di djĕro kobong, malah ĕnggeus sataoen, bobogohan djeung poen Panolih, noe matak teu hatoeran, koering ti kapoengkoer, bawaning koe kanjaähan, tapi rĕmĕn diingĕtan tĕmah wadi, taja pisan tapakna.
  5. Аnoe matak ajeuna koe koering, dipioendjoek geus wĕleh magahan, lampahna kadalon-dalon, koering langkoeng kadoehoeng, koe lampahna poen Toendjoengsari, hĕg boga kakandoengan, lamoen hanteu kitoe, koering langkoeng ngiring soeka, реuреuriheun koering hanteu aja toelis, anakan ti gamparan.
  6. Ĕnja oge teu kagoengan deui, poetra anoe bakal djadi radja, pigĕntoseun mangkoe kraton, wĕlas koe sĕpoeh-sĕроеh noe mabakan tjatjakar boemi, nagara Sokadana, ti djaman kapoengkoer, toeroen-toeroen djadi radja, boejoet tjanggah gamparan noe mangkoe boemi, dongkap ka andjeun pisan.
  7. Теu kasĕlang koe noe lain deui, toeroen-toeroen ka poetra noе ĕnja, ngan ajeuna bakal sedjen, kaselang koe noe palsoe, kawĕntarkeun jen poetra goesti, tapi ari jaktosna, tetes noe teu