Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
75
  1. Nji poetri hatoer soemamboeng, moen koering sĕdja soempah deui, moen kakang tilar tiheula, tеu sĕdja lakijan deui, oelah wĕnang kawarasan, lamoen koering gindi pikir.
  2. Langkoeng boengah radja sĕpoeh, ngadangoe soempah пji poetra, sarĕng soempah raden poetra, toeloej bae njandak tjingtjin, sosotja ratna komala, djimat poesaka nagari.
  3. Dipaparinkeun ka mantoe, koe praboe anom ditampi, dianggo meudjeuhna pisan, keur dasar kasep titadi, nganggo lĕlĕpen goemĕbjar, matak serab noe ningali.
  4. Radja sĕpoeh geus ngahandjoe, poepoet adjal titis-toelis, ejar istri noe midangdam, para garwa tingdjarĕrit, rame sadjĕroning poera, istri-istri wara-wiri.
  5. Ngagoeroeh nitirkeun bĕdoeg, tanda kapoepoesan goesti, goejoer sanagara Тjĕmpa, oerang sisi wara-wiri, sang radja geus dikaloewat, koemaha tali paranti.
  6. Sanagara Tjĕmpa aloem, ponggawa sĕdih prihatin, soemawon poetra djeung garwa, ngan aja panglipoer sĕdih, doemeh pigĕntoseunana, geus kawangwang bakal adil.
  7. Вale-bandoeng asa soewoeng, pantjaniti asa sĕpi, nagara katilar radja, meunang opat poeloeh peuting, geus matang poeloeh waktoena, pra bopati koempoel deui.
  8. Вade ngadjĕnĕngkeun praboe, karasmen ĕnggeus tarapti, tatabeuhan geus sadija, raden patih tata baris, natakeun para ponggawa, dĕmang rangga djeung ngabeui.
  9. Sarawoeh para toemĕnggoeng, kĕrsana rahaden patih, mapag ka karang kapoetran, djĕngkar pra ponggawa mantri, mĕlĕngkoeng oemboel-oemboelna, lawe гontekna ngabaris.
  10. Ngagoeroeh gĕndang djeung tamboer, saroni taгompet soeling, kaparĕk djeung oepatjara, ngapit kasinoman goesti, dipoengkoer epok lampitna, mantri anom anoe ngampil.
  11. Вrаl ngabantaj broel ngagimboeng, aleutan noe mapag goesti, djampana dihoeloe naga, ekeur titihaneun goesti, rentek sisit dibanjoemas, matak serab noe ningali.