Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
76
  1. Sang praboe anom katjatoer, geus nganggo reudjeung sang poetri, nganggo-nganggo karadjaän, makoeta patingkarĕtip, kaprabon nagara Тjĕmpa, ditaretes intĕn boemi.
  2. Sang poetri deui nja kitoe, geus nganggo panganggo istri, ngagĕm kaprameswarijan, djamang tarate noe manis, sigĕr kantjana noe endah, kasmaran anoe ningali.
  3. A S M A R A N D A N A.

  4. Geulang kangkaloeng noe leuwih, ditaretes intĕn moebjar, sanggeus parantos noe nganggo, djĕboel datang anoe mapag, teu lila ladjeng djĕngkar, nitih djampana nое hoeroeng, doer bĕdilna tjloeng angkloengna.
  5. Таmboer tarompet djeung soeling, ngagoeroeh sora gamĕlan, salendro renteng djeung pelog, pintĕrna papatih Тjĕmpa, entep natakeuñana, tеu paselang teu pasoeroep, moenggoeh heula pandeurina.
  6. Тоеmĕnggoeng rangga ngabeui, maridang taroenggang koeda, djĕngkarna ti kadipaten, ngaliwat di kapatihan, sĕsĕk djĕdjĕl di djalan, geus tjoendoek ka aloen-aloen, sada barondong bĕdilna.
  7. Soerakna asa kaindit, ngagoeroeh ajeuh-ajeuhan, geus ngaliwat di babantjong, loengsoer di latar pamĕngkang, tjalik di singgangsana, ngarijoeng para toemĕnggoeng, ngadjadjar para ponggawa.
  8. Kangdjĕng pangeran dipati, tjalik di malige rĕtna, saгĕng garwana ngarendeng, ladjĕng raden patih njandak, makoeta karadjaan, diterapkeun sarta njaoer, sang poetri diangkat radja.
  9. Ngaembarkeun raden patih, ngadĕg maos bijantara, he para ponggawa kabeh, sang poetri Andajaningrat, djadi ratoe di Тjĕmpa, saha-saha noe teu taloek, kami pilawaneunana.