Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
77
  1. Satrija para boepati, sadaja sami ngistrenan, jen poetri anoe djĕnĕng teh, djĕdoer marjĕm gĕr gamĕlan, tanda djoemĕnĕng radja, sadaja geus pada moendjoeng, mantri sarta koelawarga.
  2. Ladjĕng kangdjĕng radja istri, sanggeus antara sakĕdap, seseren deui kaprabon, ngadĕg njelehkeun makoeta, ka raka sarĕng hormat, sarta radja istri njaoer, he sakabeh pra ponggawa.
  3. Моеga kabeh pada njaksi, koewoela seleh nagara, karadjaän Тjĕmpa kabeh, ka ijeu kakang pangeran, djoemĕnĕng radja Тjĕmpa, saha-saha noe teu taloek, koela pimoesoeheuñana.
  4. Kоеla djadi prameswari, koemawoela ka sang radja, para ponggawa ngawalon, sadaja sami ngistrenan, pangeran adipatina, noe ladjĕng djoemĕnĕng ratoe, sang poetri prameswarina.
  5. Маrijĕm diseungeut deui, baroeng djeung sora gamĕlan, tanda seseleh kaprabon, dĕmang rangga kandoeroewan, toemĕnggoeng pra najaka, sadaja geus pada moendjoeng, sarta pada soeka-boengah.
  6. Kаdaharan ĕnggeus bidjil, rame pra ponggawa dahar, pada soeka boengah kabeh, geus kitoe sang radia djĕngkar, moelih ka djĕro poera, dipadjĕngan herang-hoeroeng, pajoeng doewa ngandan-ngandan.
  7. Ditilik ti gigir Iĕnggik, ditinggal titoekang lĕndjang, noe geulis reudjeung noe kasep, kawas Ragawa djeung Sinta, sijang oepadjarana, di poengkoer istri ngagimboeng, noe ngampil epok kantjana.
  8. Sowang entog sawoeng galing, sakabeh kantjana moelja, eta tjirining kaprabon, sakabeh noe ngadeuheusan, geus moendoer sewang-sewang, dajeuh Тjĕmpa tambah gĕmoeh, rame moerah sandang pangan.
  9. Аnoe tani soegih moekti, anoe dagang beurat beunghar, para mantri soeka kabeh, radja kalangkoeng toweksa, toelaten ka wilajat, soeka doekana kaoeroes, sarta bagdja tjilakana.