Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
78
  1. Toeloej kangdjĕng sri bopati, miwarang hidji ponggawa, noedjoel noe djagdjag pĕrlente, mawa soerat ka ramana, ka patih Sokadana, matoer jen geus djĕnĕng ratoe, sang radja sĕpoeh geus wapat.
  2. Gantjangna noe mangoen djoerit, tjaraka ĕnggeus bral mijang, kotjapkeun dongkapna bae, ngadjoegdjoeg ka kapatihan, sĕrat ĕnggeus ditampa, ki patih boengah kalangkoeng, jen poetra geus djadi radja.
  3. Soemawon nji Toendjoengsari, djeung nji patih soeka boengah, ki patih noelis ngawaton, jen geus tampi eta sĕrat, kalangkoeng soeka-manah, djeung mangke boelan kapajoen, sĕdja ngadeuheus ka Tjĕmpa.
  4. Gantjangna anoe ngagoerit, oetoesan ĕnggeus bral moelang, ngabantoen sĕrat pangwalon, hanteu katjatoer di djalan, kotjapkeun ĕnggeus dongkap, tarodjog ka djro kadatoen, noedjoe kangdjĕng radja lĕnggah.
  5. Mantri oetoesan ngabakti, njanggakeun sĕrat walonan, koe sang radja geus diiloe, kalangkoeng soeka-boengahna, ladjĕng radja popojan, ka garwa jen boelan pajoen, ama kadijeu kĕrsana.
  6. Njai meudjeuhna tjatjawis, rehna kasoempingan rama, ratoe kantjana ngawalon, ti bareto geus sadija, mowal aja kakirang, moegi rama geura djĕboel, diantos salalamina.
  7. Sarĕng pirĕmpoeg sim koering, kakang langkoeng sae mapag, dongkap ka loewar saketeng, sarla njandak balad-balad, ngagĕm tanda karadjan, nandakeun hormat ka sĕpoeh, lantaran aja di doenja.
  8. Sang radja imoet ngalahir, njai doenoengan poen kakang, nja geulis taja kawantjen, binangkit gĕde prajoga, kakang roemasa kalah, pĕrjoga timbang taradjoe, tĕmah wadi tatakrama.
  9. Koe kakang tjatjan kapikir, jen koedoe kitoe pĕtana, ari hormatna ka kolot, koe njai ĕnggeus kamanah, eta kakang