Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/86

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
79
    ngiringan, dina mangsa soemping sĕpoeh, kakang koe maneh rek mapag.
  1. Toenda heula sri boepati, keur goenĕm raos djeung garwa, malikeun deui tjarijos, sang radja di Sokadana, kĕrsa boeboedjĕng oentjal, ngagarogol banteng lĕmboe, geus djĕngkar sarĕng patihna.
  2. Najaka ponggawa mantri, pamatang djeung paninggaran, djoeroe-toembak djoeroe-tohok, pada ngariring sadaja, dongkap ka tĕngah tĕgal, oentjal taja lĕmboe soewoeng, moro taja beubeunangan.
  3. Kangdjĕng radja sarĕng patih, ladjĕng kana papanggoengan, di loehoer doewaän bae, ladjĕng radja sasaoeran, misaoer lalampahan, sareh ngaraos geus sĕpoeh, hojong seseren karadjan.
  4. Lahirna radja ka patih, adi kakang taja bagdja, lamoen kakang ti bareto, boga anak ti ngongora, meureun geus gĕde pisan, geus koewat ngaganti ratoe, tapi dalah di koemaha.
  5. Ngan moega bae si Pandji, Pamĕkas masing binĕkas, rasa kakang toenggal keneh, djeung djadi pamoelang bela, adi nja koemawoela, hanteu bengkok hanteu palsoe, koe kakang geus katarima.
  6. Djeung deui kakang kamari, neuleu awewe ngaliwat, soemĕblak bae nja hate, kadeuleu ti kadjaoehan, Toendjoeng sari sigana, kakang bingbang woewoeh bingoeng, samarasa pipikiran.
  7. Katjipta bae koe ati, salakoe lampah baheula, dipoho-poho teu poho, noe matak ajeuna mijang, dadakoe moro oentjal, sawalehna ngalilipoer, pikir oelah kalĕlĕban.
  8. Tapi hanteu djadi lali, koematjatjang dina manah, si Toendjoeng kadeuleu bae, malah kakang boga rasa, lamoen kijeu rasana, samar toeloes meunang tahoen, samar koewat meunang boelan.
  9. Raden arja patih nangis, bari ngawalon ka radja, goesti