Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/87

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
80
    pangapoentĕn bae, moegi oelah djadi manah, nista moeggoehing radja, kabingoengan koe sakitoe, prakawis istri mah gampang.
  1. Anoe katinggal kamari, soepaja poegoeh gĕnahna, mangga oerang saoer bae, ladjĕng ngawalon sang radja, awewe poegoeh reja, tatapi moewal kalipoer, da lain si Toendjoeng teja.
  2. Tajoh geus nĕpi ka djangdji, kakang paeh kalĕlĕban, teu beunang dipoho-poho, sanadjan gĕde dosana, koe kakang teu katingal, oenggal peuting sok ngalindoer, djeung si Toendjoeng reureudjeungan.
  3. Manahna rahaden patih, bowa pidjalanĕn waktja, ajeuna meudjeuhna waleh, raden patih ladjĕng njĕmbah, oendjoekan ka sang radja, noen goesti agoeng bĕbĕndoe, koering soemĕdja rek waktja.
  4. Tapi panoehoen sim koering, goesti oelah rĕdjag manah, elingkeun kĕrsa jang manon, koedoe djadi lalampahan, djadi babad nagara, pilantaraneun rahajoe, kagoengan poetra oetama.
  5. Prakawis poen Toendjoengsari, koe koering teu dipaehan, ajeuna ge hiroep keneh, poerwa hanteu dipaehan, hanteu tĕrang dosana, malah tetela noe palsoe, pawarang njijeun pitĕnah.
  6. Sailon reudjeung paradji, si adjar Goenawisesa, anoe matak nĕroesan teh, sasaoerna nji pawarang, tina tampa roeroeba, bisana si adjar doekoen, piandĕl kijas tarekah.
  7. Koering nanggoeng Toendjoengsari, jen bĕrsih taja dosana, nji pawarang anoe bohong, ngan tina koe kageuleuhan, djadi saäkal-akal, barang sang ratoe ngadangoe, ngagidir oelatna pijas.
  8. Toeloej sang radja ngalahir, njaoer bari tjoemalimba, lamoen bĕnĕr omong maneh, jen eta si Toendjoeng teja, teu toeloes dipaehan, djeung ajeuna masih hiroep, kakang kaoel bebejakan.
  9. Ngawalon rahaden patih, eta salĕrĕsna pisan, hatoer hanteu pindo gawe, malah eta noe katingal, kamari koe gamparan, jaktos pisan jen poen Toendjoeng, sang radja toeloej ngandika.