Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
82
    ngangloeh, oelat kawas kaedanan, hoelang-hoelĕng beda pisan ti sasari, tangtoe keur ngangloeh manah.
  1. Ĕnggeus kitoe sang ratoe ngalahir, adi patih moenggoeh karĕp kakang, si pawarang peuntjit bae, geus pantĕs meunang hoekoem, kakang sangeuk ngadeuleu deui, raden patih oendjoekan noen agoeng panoehoen, moegi oelah kirang timbang, mana teuing kongasna kamana-mĕndi, radja nilasan garwa.
  2. Anggoer ingkeun sina panas ati, ningal Toendjoengsari meunang bagdja, diasoepkeun ka kadaton, djadi pawarang ratoe, eta kitoe pirĕmpoeg koering, kangdjĕng radja ngandika, adi rĕmpoeg kitoe, pawarang siksaänana, hajoe adi ĕnggeus boerit, oerang balik, ladjĕng sang radja djĕngkar.
  3. Ĕnggeus peuting soempingna ka boemi, ladjĕng radja koelĕm di mandapa, pawarang ĕnggeus roemaos, roemasa meunang bĕndoe, reh sang radja hapteu ka boemi, toeloej njai pawarang, moeka tjoepoe-tjoepoe, ngoelaskeun minjak asihan, matĕk kemat asihan si koekoekmoedik, tatapi kabeh tjambal.
  4. Djimat djampe teh taja noe matih, malah-malah djadi pitjeutjeuban, nji pawarang hanteu sare, malah sapeuting djĕpoet, koe sang radja hanteu di tolih, pawarang langkoeng bingbang, gĕdĕbag gĕdĕboeg, katjatoerkeun geus braj beurang, raden patih geus mĕtakeun para mantri, bade ngangkat karija.
  5. Tataheuhan kabeh geus tarapti, topeng ronggeng taja kakoerangan, oemboel-oemboel lawe rontek, diatoer teu kaliroe, didjadjarkeun ti djĕro poeri, nĕpi ka kapatihan, pra ponggawa koempoel, sadija pada maridang, djeung bodjona dikĕloen koe raden patih, taja anoe kaliwat.
  6. Raden patih geus natakeun baris goelang-goelang rawoeh kadjinĕman, oepatjara djeung montereng, sarawoeh toekang pajoeng, ĕnggeus boedal ti pantjaniti, mora ka kapatihan, katjatoer sang praboe, tjalik ngantos di mandapa, nji pawarang midangdam djeung ngariringkit, geus tĕrang meunang bedja.
  7. Katjarita nji mas Toendjoengsari, ĕnggeus dangdan