Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
85
    anggo noe moelja, eukeur dadasarna sae, nganggo noe sarwa mantjoer, tambah endah geulis raspati, pantĕs djadi pawarang, timpoeh ampoeh loenggoeh, asoep kana paribasa, keur meudjeuhna poetra hidji keur goemeulis, ngelehkeun kapawarang.
  1. Ladjĕng djĕngkar nji mas Toendjoengsari, dipadjĕngan gilap mantjoer herang, para istri ngiring kabeh, garwa dĕmang toemĕnggoeng, dipajoenan oepatjara sri, tanda pawarang radja, rasmina kalangkoeng, anoe nongton kikis reuntas, djadi tjatoer lamoen пji mas Toendjoengsari, bade djadi pawarang.
  2. Ĕnggeus soemping njimas Toendjoengsari, kadjro poera tjalik di mandapa, sarĕng radja geus pasondong, garwa para toemĕnggoeng, di poengkoereun hempak tjaralik, ponggawa pamĕgĕtna ngadjadjar di pajoen, Dewakeswari ngandika, he sakabeh arja toemĕnggoeng ngabeui, ajeuna dawoeh koela.
  3. Watĕs poewe ijeu Тоendjoengsari, didjoengdjoengkeun didjieun pawarang, mangkoe sadjĕro kadaton, marentah para maroe, djeung disalin ngaraña deui, ratoe Sĕkarkantjana, marijeum djoemĕgoer, ngagoeroeh sora gamĕlan, tandang angkat ngadjĕnĕngkeun prameswari, pawarang Sokadana.
  4. Ĕnggeus kongas jen nji Toendjoengsari, geus diangkat djadi pawarangna, oerang djĕro soeka kabeh, kotjap pawarang sĕроеh, liwat langkoeng doeka prihatin, noempi di pasarejan, nangis sĕgrak-sĕgroek, sieun pabaoer djeung era, geus karaos andjeuna nое djoelig dĕngki, rasijahna kaboeka.
  5. Katjatoerkeun noe keur pada asih, radja sarĕng nji Sĕkarkantjana, keur pada oleng panganten, kalangkoeng loeloes roentoet, hanteu pisan anggang satjinggir, tjalikna rerendengan, dina kasoer soesoen, geus meunang satĕngah boelan, oenggal peuting noe dipisaoer ngan Pandji, sarta lampah andjeuпа.
  6. Kапgdjĕng radja njaoer raden patih, hanteu lila raden patih dongkap, njĕmbah ladjĕng tjalik mando, Dewakeswari njaoer, kakang ingĕt bae ka Pandji, Lĕmboewoeloeng di Тjĕmра, поe geus djĕnĕng ratoe, ajeuna parentah kakang, adi
6D