Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/91

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
84
    koedoe mijang manggihan ki Pandji, ala reudjeung bodjona.
  1. Kakang bangĕt nja hajang papanggih, poma-poma oelah teu kabawa, indil sarimbit djeung bodjo, ki patih njĕmbah matoer, noen soemoehoen timbalan goesti, abdi geus tangtoe enggal, ka Tjĕmpa loemakoe, ngĕmban timbalan gamparan, sarĕng tangtoe koe djisim koering kairing, kang poetra doewanana.
  2. Ladjĕng bae sang radja maparin, pisangoeweun harta pirang-pirang, sarta pisalin panganggo, pĕdang mas sareng doehoeng, koe ki patih ĕnggeus ditampi, raden patih pamitan, moendoer goera-giroe, soemping ka boemi popojan, ka garwana hajoe njai oerang indit, ka Tjĕmpa dipiwarang.
  3. Langkoeng soeka-boengah njai patih, eukeur hojong parĕng dipiwarang, ladjĕng dangdan-dangdan bae, panakawan karoempoel, katjatoerkeun ĕnggeus tarapti, ladjĕng ki patih mangkat, garwana tea kantoen, santana koelawargana, indit sirib reja ponggawa noe ngiring, istri dina tandoewan.
  4. Ĕnggeus nĕpi ka sisi basisir, noempak kapal toeloej beber lajar, gantjangna noe manggoen tjrijos, di djalan teu katjatoer, palaboewan geus katingali, wĕwĕngkon boemi Tjĕmpa, kapal geus balaboeh, goeloeng lajar laboeh djangkar, njeungeut marjĕm tanda hormat rehna soemping, ti darat dibalĕsan.
  5. Sora marjĕm geus asa kaindit, tingdjalĕgoer kawas goenoeng rĕbah, toemĕnggoeng noe toenggoe benteng, tina geus meunang dawoeh, langkoeng hormat ka raden patih, ladjĕng mapag ka kapal, sarĕng nji Toemĕnggoeng, toeloej loengsoer nitih sampan, ĕnggeus dongkap ka darat hormatna leuwih, ngagoeroeh tatabeuhan.
  6. Di plaboewan ngan meunang sawĕngi, isoek-isoek djĕboel piwarangan, mawa tandoe djeung gĕrĕbong, baris titihan iboe, noe ngiringkeun ponggawa mantri, koeda baris ramana, sabrĕgna araloes, isoek-isoek ladjĕng djĕngkar, doer marjĕmna ngagoeroeh tarompet soeling, rame sora gamĕlan.
  7. Djalan pinoeh koe ponggawa mantri, ngadjadjapkeun