Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
85
    sarĕng koe noe mapag, tjarita gantjangkeun bae, tjatoerkeun ĕnggeus tjoendoek, ka saketeng loewar nagari, majak para satrija, anoe ngiring ratoe, ngadjadjar oepatjarana, radja loengsoer tina palinggahan koersi, mapagkeun iboe rama.
  1. Raden patih sarĕng njai patih, ĕnggeus loengsoer radja mamandapan, koe rama gabroeg dirontok, soemawoña koe iboe, iboe rama poetra narangis, ladjĕng sang radja njandak tjalik kana bangkoe, di pasangrahan dadakan, ĕnggeus aso ladjĕng pada djĕngkar deui, ngaboedjĕng ka nagara.
  2. Di loeloeroeng djĕdjĕl heurin oesik, toeroet djalan panggoeng pangrentengan, sisi djalan di bebetek, dongkap ka aloen-aloen, tatabeuhan asa kaindit, geus soemping ka djro poera, sadaja geus loengsoer, ratoe prameswari Tjĕmpa, mapak iboe diiring koe para sĕlir, djeung garwa pra ponggawa.
  3. Ladjĕng moendjoeng ngahatoerkeun bhakti, geus tjaralik di mandapa moelja, noe marek hempak ngaderes, ladjĕng marjĕm djoemĕgoer, seket kali asa kaindit, teu lila ladjĕng dongkap, ti pawon soesoegoeh, kadaharan noe ngareunah, ladjĕng dahar langkoeng soeka manah goesti, koempoel djeung iboe-rama.
  4. Dalalahar satrija boepati, rarijoengan priboemi djeung semah, soesoegoeh ti djro kadaton, rahaden patih njaoer, ama ngĕmban timbalan goesti, rama di Sokadana, andjeun teh disaoer, sarĕng raji prameswara, ajeuna teh toewang iboe geus diganti, ratoe Sĕkarkantjana.
  5. Nji pawarang anoe hiri dĕngki, noe ngadjĕroem ajeuna kaloewar, dipindahkeun ti kadaton, radja Tjĕmpa ngawangsoel, djalma anoe sok hiri dĕngki, tara meunang djamoega, sok meunang panaoer, hoetang wirang majar wirang, poerwa djalma oelah pisan hiri dĕngki, koedoe tampa pamajar.
  6. Djeungna deui prakawis sim koering djeung poen bodjo disaoer koe rama, djisim koering langkoeng atoh, nadjan taja panjaoer, sĕdja djisim koering pribadi, marĕk ka Sokadana,