Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
87
    dangdan, tandoe djoli djolang grĕbong, powe isoek kawoela djeung njai mijang.
  1. Pra ponggawa sami ngawalon ka ratoe, pangestoe gamparan, geus pada sadija kabeh, tandoe djoli djeung grĕbong ngan kantoen djĕngkar.
  2. Abdi-abdi anoe baris njoehoen nanggoeng, geus koempoel sadaja, koeda gadjah koempoel kabeh, di plaboewan kapal ĕnggeus didangdanan.
  3. Katjatoerkeun isoekna djĕngkar sang praboe, radja nitih koeda, prameswari dina grĕbong, ngaleut ngeungkeuj ngĕmbat-ngĕmbat njatang pinang.
  4. Anoe ngiring bral ngabantaj broel ngagimboeng, prabot karadjaän, oepatjara djeung montereng, goelang-goelang anoe maranggoel bandrangan.
  5. Kaänginan oemboel-oemboelna mĕlĕngkoeng, ngĕrab banderana, lawe rontekna ngaderes, kangdjĕng radja nitih koeda dawoek ligar.
  6. Koeda njirig narimbang tabeuhna ngoengkoeng, koeda mamandapan, narimbang sora tarompel, rĕngkak-rĕngkak tindakna matak kasmaran.
  7. A S M A R A N D A N A.

  8. Di poengkoereun aja deui, rahaden dĕmang Oerawan, koeda dawoek kĕmbang kaso, ngagĕm kasenapatijan, siga Sindoekalangan, koeda tjongklang manggoet-manggoet, narimbang sora gamĕlan.
  9. Katema koe para mantri, satrija para ponggawa, koedana pahade-hade, Djanggala koedana djangdjan, Djanggali koeda napas, koeda djogdjrog angkag-oengkoeg, dipeupeuh ĕnte-ĕntejan.
  10. Matak waäs noe ningali, ninggal aleutan noe angkat,