Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
88
    měněran waktoe mamareng, moesim rek ngangkat katiga, lenglang hade powena, gantjangna noe mangoen tjatoer, geus soemping ka palaboewan.
  1. Hormatan asa kaindit, topeng ronggeng bangbarongan, ngagoeroeh pelog djeung renteng, ki toemenggoeng palaboewan, langkoeng-langkoeng hormatna, kangdjěng radja sarěng ratoe, geus asoep ka pantjalikan.
  2. Para mantri anoe ngiring, sadaja ěnggeus měrěnah, pada ěnggeus boga pondok, sawěngi di palaboewan, isoekna geus sajaga, abdi-abdi geus karoempoel, ladjěng kangdjěng radja djěngkar.
  3. Ngaleut ngeungkeuj di basisir, radja sarěng prameswara, angkatna njaratjad bae, pada dipadjěngan gilap, di pajoen oepatjara, di poengkoereun broel ngagimboeng, mantri istri paměgětna.
  4. Radja sarěng prameswari, ladjěng sami nitih sampan, djeung garwa pra mantri kabeh, ngiring di sampan titihan, ěnggeus soemping ka kapal, marjěm di seungeut djoeměgoer, kapal teh indit-inditan.
  5. Tagiwoer para kalasi, tarik djaěgkar beber lajar, kapal pangiring sakabeh, salapan kapal rejana, kasapoeloeh titihan, pada ngaraleut di poengkoer, hidji kapal sasangoewan.
  6. Oenggal parahoe dieusi, tatabeuhan pahoermatan, langkoeng matak waäs bae, patembal djeung sora lambak, kalětir pipikiran, kapal salapan di poengkoer, poengkoereun kapal titihan.
  7. Gantjangna noe mangoen goerit, geus soemping ka palaboewan, djagdjag tanginasna matros, laboeh djangkar goeloeng lajar, sarta pasang bandera, njeungeut marijěm djoeměgoer, djědoer tjara goenoeng rěbah.
  8. Sorana asa kaindit, ti darat geus ditembalan, toeloej radja loengsoer bae, nitihan sampan djeung garwa, sarta para ponggawa, abdi abdi hanteu kantoen, sarawoeh koeda gadjahna.
  9. Parabot taja noe kari, gamělan hanteu kaliwat, geus