Ieu kaca geus divalidasi
89
-
dibawa toeroen kabeh, dikoendjal kabeh ka darat, disikĕt koe bakoena, diatoer tjara kapoengkoer, ditata tjara katoekang.
- Hanteu pasĕlang pahili, sigĕgkeun heula sakĕdap, katjarijos di djĕro benteng, di nagara Sokadana, radja geus tampi sĕrat, ibĕr poetra sarĕng mantoe, ajeuna aja di djalan.
- Sri maha Dewa Keswari, geus miwarang tata, pahormatan ĕnggeus entep, katja-katja oenggal lawang, bĕbĕtek toeroet djalan, lawe rontek oemboel-oemboel, ngĕrab-ngĕrab banderana.
- Para mantri geus tarapti, para ponggawa sajaga, koempoel pada midang kabeh, saparo noe baris mapag, saparo noe ngadjaga, anoe ngoeroes soegoeh tamoe, sarta ngoeroes tĕtĕbahna.
- Toemĕnggoeng arja ngabeuhi, dĕmang rangga kandoeroewan, di aloen-aloen ngaberes, kari ngantosan timbalan, ĕnggeus njandingkeun koeda, ngadeukeutkeun gadjah tandoe, katjarita sri mah radja.
- Geus nimbalan raden Pandji, he pamĕkas anak bapa, geura dangdan masing hade, mapag kakang radja Tjĕmpa, ngadjĕdjĕran ponggawa, raden Pandji njĕmbah matoer, soemoehoen dawoeh gamparan.
- Toeloej nganggo raden Pandji, panganggo radja kapoetran, sing sarwa hoeroeng montjorong, niroe raden Pantjawala, raden Pandji pamĕkas, geus bidjil ka aloen-aloen, nitih koeda megantara.
- Ngagoeroeh tarompet soeling, tĕngara ngijangkeun bala, para ponggawa sakabeh, tjeklak pada toenggang koeda, ngiring Pandji pamĕkas, oepatjarana di pajoen, kiwa tĕngĕn kapĕtĕngen.
- Koeda mamandapan njirig, narimbang sora gamĕlan, oengkĕdna narimbang goöng, kawas koeda dina wajang, soeroep reudjeung noe toenggang, koneng lĕngkeh ampoeh loenggoeh, kasep lain kaoelinan.
- Raden Pandji ĕnggeus soemping, ka pasangrahan dadakan, beunang ngagĕntakeun bae, njondongkeun sang praboe