Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/97

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
90
    Tjĕmpa, teu lila katinggalan, oemboel-oemboelna mĕlĕngkoeng, ngĕrab-ngĕrab banderana.
  1. Rahaden Pandji ngalahir ka sakabehna ponggawa, gĕwat sadijakeun kabeh, itoe bandera katinggal, koemĕlab lapat-lapat, para ponggawa tagiwoer, njikĕp sa bakoe-bakoena.
  2. Panajagan geus tarapti, kari ngantosan soempingna, ponggawa sadija kabeh, poetjoeking baris geus dongkap, doer bĕdil tjloeng angkloengna, djalma reja pabalijoet, semah reudjeung pamadjikan.
  3. Prahoe Tjĕmpa geus ningali, ka raden Pandji Pamĕkas, manahna nangtoekeun bae, jen eta Pandji Pamĕkas, sang praboe ngagoepajan, ladjĕng raden Pandji moendjoeng, koe sang praboe dioesapan.
  4. Raden Pandji moendjoeng deui, ka raka sang prameswara, toeloej ponggawa sakabeh, para mantri Sokadana, moendjoeng ka praboe Tjĕmpa, sanggeusna pada maroendjoeng, kangdjĕng radja ladjĕng djĕngkar.
  5. Djadi tambah rame rasmi, ponggawa doewa nagara, djadi sa alĕtan bae, pra ponggawa Sokadana, noe leumpang pangheulana, ponggawa Tjĕmpa di poengkoer, broel ngagimboeng bral ngabantaj.
  6. Hanteu anggang raden pandji, di poengkoereun raka radja, pada njirig koedana teh, malang-malang mamandapan, angkloeng ninggang wirahma, sakalangkoeng matak loetjoe, kawas Kama Djaja kĕmbar.
  7. Doewanana kasep lĕnggik, siga dewa sakĕmbaran, djol doengkap ka djro saketeng, loeloeroeng pinoeh koe djalma, pasar waroeng rareuntas, boel tjoendoek ka aloen-aloen, noe nongton pasĕlĕbroengan.
  8. Ramena asa kaindit, soerakna ajeuh-ajeuhan, ngagoeroeh renteng djeung pelog, topeng ronggeng bangbarongan, toeloej sang radja Tjĕmpa, reudjeung garwana laloengsoer, di latar paseban kĕmbar.