Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/98

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
91
  1. Sampojong raka djeung raji, moendjoeng ka iboe ka rama, iboena gabroeg ngarontok, bari nangis mĕlas-mĕlas, sakoer anoe ningalan, pada miloe sĕgrak-sĕgroek, sadaja ngiring nalangsa.
  2. Ngaraskeun djalmana tadi, basana meunang djĕroeman, eukeur dibobotkeun keneh, meh hanteu gĕlar di doenja, sang praboe Sokadana, njaoer bari sĕgrak-sĕgroek, sarta njoesoetan tjisotja.
  3. He adi kakang ki patih, tjoekangna kasalamĕtan, kakang kahoetangan gĕde, karana ijeu pĕrkara, adi djadi lantaran, sasat anoe noemboe oemoer, mandjangkeun kasalamĕtan.
  4. Malah kakang boga djangdji, ngaboektikeun panarima, soepajana djadi tjonto, djalma estoe koemawoela, hanteu alang-kapalang, noe djadi papatih ratoe, mandjangkeun kalakoean radja.
  5. Ĕnja anoe tjara adi, tĕgĕsing patih mapatah, patih patitis-pateles, bĕrĕsih loewar djĕrona, wadjib meunang gandjaran, radja bari njaoer kitoe, ngareret ka radja Tjĕmpa.
  6. Koe radja Tjĕmpa kasoerti, katampanan sakĕrsana, toeloej ka rama ngawalon, lĕrĕs pangandika rama, ijeu moenggoeh poen bapa, noe djadi marga rahajoe, geus koedoe meunang gandjaran.
  7. Mĕnggah pamikir sim koering, manawina karoedjoekan, sae dipoelang kaprabon, karadjaän Sokadana, pasihkeun ka poen bapa, masingna djoemĕnĕng ratoe, poen adi Pandji Pamĕkas.
  8. Ari mĕnggah djisim koering, geus gĕnah di dajeuh Tjĕmpa, sanadjan lain waris ge, katalijan koe doerijat, sarĕng moenggoeh gamparan, djadi santosa kalangkoeng, ngawĕngkoe doewa nagara.
  9. Sang praboe sĕpoeh ngalahir, agoes bĕnĕr kitoe pisan, rasa ama hanteu geseh, agoes djeung adi Pamĕkas, tangtoe meureun saroewa, njaäh ka ama ka iboe, djeung djadi rĕkah toeroenan.
  10. Para mantri anoe ngoeping, kabeh panoedjoeweun pisan,