Kaca:Pandji Woeloeng 1876.pdf/99

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
92
    taja anoe mikir geseh, soemawoña mantri Tjĕmpa, boengah kabina-bina rasa tĕtĕp boga ratoe, sabar adil palamarta.
  1. Tadi pikirna rarisi, sakabeh ponggawa Tjĕmpa, sijeun radjana ngalejos, tea moelih deui ka Tjĕmpa, asoep ka paribasa, moentjang laboehna ka poehoe, kĕbo moelih pakandangan.
  2. Geus lilir noe pada nangis, toeloej djĕboel soesoegoehna, geus kitoe taroewang kabeh, geus dahar ladjĕng boebaran, ari sang praboe Tjĕmpa, koelĕmna di boemi iboe, ari abdina noe reja.
  3. Di atoer dibagi-bagi, di pakoewon pra ponggawa, ngan dĕmang Oerawan bae, mondokna di kapatihan, Djanggali djeung Djanggala, mondokna di djro karoempoel, hanteu anggang ti goestina.
  4. Oenggal powe oenggal peuting, hanteu loewang soekan-soekan, sarta koekoempoelan bae, geus meunang satĕngah boelan, ladjĕng sang praboe Tjĕmpa, oendjoekan ka rama praboe, kijeu pioendjoek sang radja.
  5. Koemapoeroen djisim koering, njoendoel pioendjoek ka rama, agoeng pangapoentĕn bae, ngalalantjangan ka kĕrsa, prakawis poen Pamĕkas, meudjeuhna didjoengdjoeng loenggoeh, jadi wawakil gamparan.
  6. Sang praboe sĕpoeh ngalahir, agoes bĕnĕr nanakĕran, tatapi karĕp ama teh, meungpeung hiroep keneh ama, hajang noengkoelan inja, djĕnĕngkeun sakali ratoe, ama seseren karadjaan.
  7. Reudjeung karĕp ama deui, moenggoehing radja barana, hade diparokeun bae, dina roepa teuteuasan, kaja intĕn mas perak, kabeh keur bagejan agoes, bawaeun ka dajeuh Tjĕmpa.
  8. Ari sipat sapi moending, koeda gadjah ĕmbe domba, sarta parabot kaprabon, baris ki Pandji Pamĕkas, djeung deui karĕp ama, lamoen rĕmpoek hajang isoek, meungpeung keur pada koempoelan.
  9. Pra boepati tatjan balik, taja anoe didagowan, sang