Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
98

goela. Ari isoekna tatan-tatan djeung djoeragan Administratir sarentjangna, djeung kokolot anoe tadi, katoet djělěma noe moendingna dirontok maoeng tea satatanggana. Sanggeus tarapti bring ngabring ka kěbon tiwoe, ka lěbah tapak maoeng, sarta di dinja geus njampak mandor djeung sawatara batoerna. Ti dinja bring deui kabeh ka těmpat moending, waktoe dirontok koe maoeng tea.

24. Ngala maoeng.

(Toeloejna).


Omong kokolot: „Engke peuting eta maoeng geus tangtoe datang ka ieu těmpat. Leuwih hade ajeuna bae masang sěnteg dina liliwatanana.” Mandor kěbon ngaroedjoekan, gantjang harita pakěpoek sabatoer-batoer, masang sěnteg.

Kokolot nanja ka babatoeranana, soegan aja noe daekeun ngorbankeun ěmbe. Kaběněran aja saoerang, toeloej bae indit heula ka lěmboerna, njokot ěmbe. Teu koengsi lila geus datang deui, gantjang ěmbena ditjangtjang dina sěnteg, dipake eupan. Eta ěmbe geus tangtoe teu eureun-eureun ěmbe-ěmbean, něpi ka kadengeeun koe maoeng anoe keur diarah tea. Sanggeus tarapti, bring sarerea baralik, ninggalkeun sěnteg.

Bapa si Itjih geus aja di imahna. Sanggeus ngaso pek njarita ka pamadjikanana, njaritakeun prakprakan masang sěnteg.

Si Itjih ge ngarěgěpkeun, malah nanja ka bapana: „Naha bapa make njangtjang ěmbe sagala? Karoenja atoeh!”

Walon bapana: „Teu karoenja, da moal dihakan maoeng. Ditjangtjang soteh, soepaja disada bae ěmbe-ěmbean, toeloej disampeurkeun maoeng. Memeh něpi kana ěmbe, maoeng keuna kana senteg, beunang bae.”