Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/102

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
100

maoeng teh dangdak-dengdek njidikkeun sora ěmbe ti mana djolna. Ari geus sidik, pek ngagaoer nandakeun atoh, toeloej loempat ngadjoegdjoeg ka těmpat ěmbe. Barang geus deukeut kana ěmbe, pek ngaděpěng rek ngarontok, gadjleng loentjat njorang sěnteg, ngagaoer ngarasa njěri, tapi lapoer teu bisaeun lesot deui.
 Oerang kampoeng geus ngartieun, jen maoeng beunang, tapi taja noe wani tandang, tjaritjing bae di imah, ngadagoan beurang heula.
 Isoek-isoek ngabroel djělěma, ngadjoegdjoeg tataheunan. Mandor kěbon djeung kokolot teu tinggaleun, kitoe deui djoeragan Administratir aja di dinja toer njandak bědil.
 Djoeragan Administratir: „Ka darieu! koempoel di dieu! Maoeng teh oerang bedil!”
 „Mangga djoeragan,” tjek mandor kěbon, „kade njalahan!”
 „Dor!” maoeng teh dibědil. Ngan sakali, geus ngadjoengkěl, toeloej kokosehan, hos paeh.
 Gěr djělěma saroerak bawaning soeka. Bangke maoeng digarotong, toeloej dibarawa balik.


25. Boedak rahoel.


 Mardjoeki djeung adina, ngaran Joesoep, dina hidji poë njaraba ka akina, ngadon oelin. Barang maranehna něpi ka boeroean imah akina, si Mardjoeki ngomong kieu ka adina: „Tjoep! ari Oetjoep rěsěp ka si Oetja, noe gěde bohong tea? Akang mah teu rěsěp!”
 Akina aja di pipir. Ngadenge sora intjoe-intjoena, akina. teh norodjol ka boeroean bari nanja ka Mardjoeki, pokna: „Saha noe gěde bohong teh, Ki?”

 Walonna: „Batoer sakola abdi, si Oetja. Madjarkeun