Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/103

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

101

teh, bapana ngabědil maoeng, kenging toedjoeh. Pirakoenja aki, něpi ka kenging toedjoeh onaman. Abdi mah teu pěrtjaja.”

 Akina: „Kieu eta teh saěnjana mah. Bapa si Oetja teh miloe moro djeung paninggaran, saroea bae djeung goendal. Anoe ngabědil maoeng teh paninggaran, maoengna beunang. Ari bapa si Oetja mah teu meunang maoeng teu naon. Boa teuing manehna mah njěkěl bědil ge, tatjan ngarasa.”

 Mardjoeki: „Tah geuning kitoe, Oetjoep. Noe matak geus. oelah pěrtjaja bae ka si Oetja teh.”

 Joesoep: „Da koering ge teu pěrtjaja. Ongkoh omongna mah, pangpintěrna ngitoeng oge ngan manehna sorangan, tapi tjek batoer-batoerna sakělas, hěnteu.”

 Mardjoeki: „Heran akang mah, make si Oetja disarěboet boedak pintěr. Naon kapintěranana?"

 Joesoep: „Eta deuih omongna mah, manehna teh pintěr ngodjaj, teu aja noe ngelehheun.”

 Mardjoeki seuri ngagakgak, toeloej ngomong: „Eta meureun pedah Oetjoep leutik keneh, tangtoe nganděl kana omongna, maroekanana mah.”

 Akina: „Koedoe awas ari ka babatoeran teh, oelah gantjang-gantjang pěrtjaja. Aki ge baheula keur leutik keneh boga batoer toekang rahoel, tapi sanggeus kabitoer, manehna kawiwirangan, sarta djadi rada ngoerangan rahoelna.”

 Mardjoeki: „Koemaha aki tjariosna? Hajang těrang.”

 Akina: „Hajoe atoeh darioek heula.”

 Sanggeus darioek di těpas, pok akina njarita: „Baheula,” tjěnah, „aki keur boedak, boga hidji batoer oelin, ngaranna Djoemad. Manehna bogaeun panah pamere lantjeukna. Eta panah koe manehna ngahadja ditembongkeun ka aki djeung babatoeran, bari ngadjak papanahan. Aki kabita katjida koe panah teh, da araloes djamparingna djeung gondewana oge. Atoeh aki saakal-akal, hajang boga panah. Teu koengsi lila geus boga, malah batoer-batoer oge geus barogaeun, sarta