Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
9

di sawĕwĕngkon eta, sakoer noe rek miloe eksamĕn, karoempoel di katjamatan.

Sardjan djeung Djajoes sadjalan-djalan sĕmoe noe baroengah pisan, sabab ngarasa mareunang peun teun aloes, djeung goeroena geus njaoerkeun, jen Sardjan geus tangtoe asoep ka sakola sahakĕl, da bapana geus ngaroedjoekan.

Tada teuing atoheunana kolot-kolotna, lamoen njahoeun, jen anakna mareunang peunteun aloes.

Barang nĕpi ka pengkolan, toeloej bae si Djajoes mengkol ka kentja, ari si Sardjan leumpangna beuki gantjang, sabab imahna djaoeh keneh, kira-kira lalakon saparapat djam deui. Imahna teh di kĕbon kopi, da bapana djadi mandor kĕbon kopi.

Pikir si Sardjan asa geus datang ka imah, sarta ngomong sadjĕroning hatena: „Geus datang kitoe bapa teh atawa tatjan?”

Barang nĕpi ka boeroean, panto imahna katendjo meundeut, tangtoe indoengna aja di pawon, toeloej si Sardjan ka pawon, pok ngomong bari imoet: „Eksamĕn teh meunang, ĕma, da saoer pa goeroe oge, koering meunang asoep ka sakola sahakĕl. Ari bapa di mana, ĕma?”

Indoeng si Sardjan boengaheun pisan, ngadenge omong anakna teh. Tapi barang diingĕt-ingĕt, lamoen si Sardjan geus sakola di dajeuh anoe sakitoe djaoehna, manehna ngahoelĕng bae, ngarasa mĕlang.

Sorena bapa si Sardjan geus datang mĕntas ngaronda. Indoeng si Sardjan pok nanja: „Bapa si Oedjang! Naha pĕrloe si Oedjang teh disakolakeun deui?”

Walonna: „Atoeh da leutik keneh si Oedjang teh disina digawe mah, mĕnding sina sakola deui, sangkan tambah kapintĕran. Ari pintĕr mah, digawe ge leuwih gĕde bajaranana. Baheula mah baroedak teh teu koedoe pintĕr, tapi ajeuna geus sedjen deui djamanna. Baroedak koedoe palintĕr djeung koedoe loba kanjaho.”