Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
10

Indoeng si Sardjan: „Koemaha atoeh da mĕlang, ari djaoeh-djaoeh kitoe mah, heg bae koering gring, da ngan ingĕt ka anak bae.”

Tjek bapana: „Oelah salĕmpang, kapan pimatoeheunana si Oedjang teh di oeana, di kang Moesa. Pĕrkara eta geus dibadamikeun koe akang. Ari aja di oeana mah, oerang teh teu koedoe mĕlang.”

Indoengna: „Nadjan di oeana oge, da leutik keneh, nja mĕlang bae.”

Bapana: „Oenggal Saptoe pasosore si Oedjang balik ka imah, komo ari pakansi mah leuwih lila reureudjeunganana djeung oerang.”

Indoengna: „Teu naon-naon ari tjageur mah, tapi moen gĕring, koemaha?”

Walonna: „Oea awewena oge da njaaheun ka si Oedjang teh, tangtoe bae gĕring mah dipoelasara. Djeung lamoen pĕrloe, ĕma ge meunang ka dajeuh, da hĕnteu djaoeh kapan.”

Tadina mah kahajang indoengna teh, si Sardjan koedoe di imah bae. Tapi barang dirasa-rasa, bĕt leuwih hade noeroetkeun kahajang bapana tea.

Tjindĕkna bada lĕbaran, si Sardjan teh geus aja di dajeuh, djadi moerid di sakola sahakĕl. Saban Saptoe pasosore manehna balik ka lĕmboer, ari Sĕnen isoek-isoek kakara ka dajeuh deui, sakola. lnditna ti imah sok soeboeh-soeboeh, soepaja asoep sakola teu kabeurangan. Sakolana gĕtol pisan sarta geus ngarasa bĕtah di oeana teh. Ari keur rineh teu aja pagawean, manehna sok oelin djeung babatoeranana, radjeun oge sok maen bal djeung batoer sakolana noe sakĕlas. Mimindĕngna oelinna teh djeung si Djamin katoet si Amir, nja eta sobatna noe pangmĕdokna. Eta boedak anoe doea geus parĕng mareuting di imah Sardjan, waktoe Sardjan poĕ Saptoe ka lĕmboerna. Malah doeanana oge harajangeun sakali deui miloe djeung Sardjan, sabab tjĕnah di goenoeng mah hawana ngeunah.