Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/125

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

123

si Karim katjida atoheunanana, kitoe deui si Karimna, sakolana soehoed djeung sarěgěp pisan, ngestokeun kana sagala piwoeroek goeroe.

 Gantjanging tjarita bae, si Karim teh sakolana oenggal taoen naek kělas, něpi ka tamatna pisan, malah meunang poedjian istimiwa.

 Heuleut sawatara taoen si Karim geus didjěněngkeun, djadi prijaji di karaton, toer pangkatna saloehoereun djaga lawang noe tiloe tea, anoe bareto njoesahkeun ka manehna, basa rek ngadeuheus ka Sang Radja, njanggakeun lelepen poesaka tea.