Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/124

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
122

 Teu koengsi lila goelang-goelang teh geus datang deui, ngiringkeun djaga lawang tiloean djeung toekang rangket.

 „He djaga lawang tiloean!” dawoeh Sang Radja. „leu boedak geus oendjoekan ka kami, jen maraneh tiloean geus marenta masing-masing sapěrtiloena tina gandjaran, anoe bakal katarima koe ieu boedak ti kami. Kalakoean pěrdjoerit saroepa kitoe tangtoe djadi matak goreng kana ngaran kami, djeung matak goreng kana ngaran nagara katoet bangsana.”

 Djaga lawang noe tiloean moenggah asa teu beungeutan, bawaning isin koeRadja. Gawena taroengkoel bae bari ngadegdeg.

 Dawoehan Sang Radja deui: „Ajeuna kami rek ngaboektikeun kas anggoepan ieu boedak, nja eta ngabagikeun gandjaranana ka maraneh tiloean, masing-masing pada meunang sapěrtiloena. Ari woedjoedna gandjaran, lain dinar ěmas 30, tapi marga panoehoenna ieu boedak, nja eta gandjaran rangket, djoemlah 30 kali. Těgěsna maneh tiloean masing-masing rek dirangket 10 kali sewang, sakoemaha noe dipenta koe maraneh ka ieu boodak.”

 Pěrdjoerit noe tiloean teh asa nintjak asa hěnteu, bawaning isin koe Radja sarta era koe si Karim, toeroeg-toeroeg narendjo toekang rangket mawa hoë sagěde nanahaon.

 Ret Sang Radja ngalirik ka toekang rangket, miwarang ngarangket djaga lawang noe tiloean, saoerangna sapoeloeh kali, ngarangketna koedoe satakěr tanaga.

 Koemaha toeloejna ari si Karim?

 Sanggeus djaga lawang tea dirangketan sapoeloeh kali sewang, toeloej bae si Karim balik, mawa dinar ěmas 30, gandjaran ti Sang Radja. Datang-datang ka imahna, gěbro bae dinar ěmas teh dipasrahkeun kabeh ka indoengna. Heuleut sawatara poë aja oetoesan Sang Radja ka imah si Karim, nja eta ngěmban timbalan, soepaja si Karim disakolakeun. Ongkos-ongkos sakolana djadi tanggoengan nagara. Indoeng