Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/123

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
121

Si Karim: „Sangět panoehoen, soepados dampal goesti aja sih tjitěrès, kěrsa masihkeun gandjaran noe 30 dinar ěmas tea ka poen biang. Doepi abdi goesti pribados soemědja njoehoenkeun gandjaran sanes.”

Sang Radja ngaraos heměng, dawoehanana: „Taja halangan, dinar ěmas noe 30 tea dipasrahkeun ka indoeng maneh, minangka gandjaran kasatiaan djeung kadjoedjoeranana. Ari maneh hajang meunang gandjaran naon ?”

Si Karim: „Panoehoen abdi goesti, soepados abdi goesti mah digandjar rangket bae 30 kali.”

Sang Radja: „Pangdenge teh, njoehoenkeun gandjaran rangket 30 kali?”

Si Karim: „Dawoeh goesti, teu pindo daměl.”

Sang Radja minděl, ngamanahan panochoen saroepa kitoe. Těras neuteup ka Si Karim, bari lahirna: „Djadi maneh teh teu hajang doeit, ngan hajang dirangket bae 30 kali?”

Si Karim: „Dawoeh goesti. Malah noe disoehoenkeun teh, rangket noe rosa, sanes rangket noe biasa.”

Sang Radja: „Eta panoehoen teu beunang dilaksanakeun, sabab anoe dirangket mah lain digandjar, pingaraneunana dihoekoem. Tjoba ajeuna těrangkeun, naon sababna noe matak maneh njoehoenkeun gandjaran rangket?”

Koe si Karim dioendjoekkeun, jen djaga lawang noe tiloe pada menta sapěrtiloena tina gandjaran. Koe manehna geus disanggoepan, lantaran lamoen teu kitoe, tangtoe manehna teu meunang asoep ka karaton.

Tamat si Karim oendjoekan, enggal Sang Radja ngadawoeh: „Kaharti ajeuna mah.”

Harita keneh Sang Radja njaoer goelang-goelang, sarta kieu dawoehanana: „Goelang-goelang! gantjang maneh njaoer pěrdjoerit noe djaga lawang tiloeanana. Kitoe deui toekang ngarangket sakitan di pangberokan koedoe disaoer, sakalian mawa pangrangket. Eta kabeh koedoe kaïringkeun koe maneh ajeuna.”