Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/122

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
120

datang njanggakeun ieu ali. Ari kami noe matak njaah kana ieu ali, lantaran barang poesaka. Lamoen teu kapanggih deui, tangtoe djadi kasoesahan ka kami. Kabĕnĕran maneh noe manggih, da oepama kapanggih koe djĕlĕma djahat mah, tatjan tangtoe ieu ali kapimilik deui koe kami.”

 Sang Radja liren sakĕdap, kawas aja noe digalih. Geus kitoe ngadawoeh deui, dawoehanana: „Meureun maneh geus ngadenge, jen anoe manggihan ali sarta datang ka karaton njanggakeun ali ka kami, bakal digandjar. Ke oelah waka balik, ngadagoan gandjaran tea.”

 Si Karim: „Dawoeh goesti, pĕrkawis eta, abdi goesti parantos ngoeping. Nanging manawi kawidian, abdi goesti gadoeh pioendjoek.”

 Sang Radja: „Pioendjoek naon? Pok kadinjah!”