Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/121

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
119

manehna geus asoep ka karaton, malah geus dioendjoekkeun ka Kangdjĕng Radja.

Panto kamar panglinggihan Kandjĕng Radja diboekakeun. Si Karim rada ngarendjag djeung ngahoelĕng sadjongdjongan, kaget koe kaajaan kamar djeung eusina noe sakitoe araloesna, marakbak matak serab. Kangdjĕng Radja noedjoe linggih dina korsi, majoenan medja.


31. Pada meunang sapĕrtiloena.

(Toeloejna IV).


Sanggeus ditimbalan, kakara si Karim asoep bari ngahormat ka Kandjĕng Radja, noeroetkeun papatah indoengna tea, basa rek indit ti imahna. Kangdjĕng Radja ningali tindak-tandoek si Karim kitoe, sĕmoe wĕlaseun, sarta enggal bae mariksa: „Saha maneh teh?”

Walonna: „Abdi goesti, poen Karim.”

Sang Radja: „Maneh datang ka dieu teh, rek ngadeuheusan ka kami?”

Si Karim: „Dawoeh goesti.”

Sang Radja: „Naon pikarĕpeun maneh?”

Pok si Karim oendjoekan, ngoendjoekkeun lampahna ka leuweung tea, rek ngala soeloeh. Ari di leuweung ngioehan di handapeun tangkal kai, nĕpi ka nimoe lelepen. Ti peutingna ngadenge noe njararita, jen noe kaitjalan lelepen teh Kangdjĕng Radja. Satamatna pioendjoekna, lelepen teh dikaloearkeun tina sakoena, bari toeloej disanggakeun ka Kangdjĕng Radja.

Lelepen teh ditampi koe Kangdjĕng Radja sarta tĕras ditingalian bari mesem, dawoehanana: „Maneh teh boedak bageur, njaah ka kolot, daek oesaha keur indoeng djeung keur adi. Djeung kami atoh katjida, sarehna maneh geus