Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/120

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
118

si Karim ngadeukeutan bari naros sarta hormat, pokna: „Poentĕn djoeragan, bade toemaros, koemaha kenging abdi ngadeuheus ka Kangdjĕng Radja?”

Djaga lawang ngadjawabna sĕmoe kaget, pokna: „Noe meunang ngadeuheusan teh, ngan prijaji pangkat loehoer. Boedak mah hĕnteu meunang. Naon pĕrloena, maneh ngadeuheus ka Kangdjĕng Radja?”

Walon si Karim: „Noe mawi bade ngadeuheus, margi abdi gadoeh pĕpĕndakan. Tjariosna Kangdjĕng Radja kaitjalan lelepen. Manawi bae noe kapĕndak koe abdi teh kagoengan Kangdjĕng Radja. Bilih hojong ningalian, mangga ieu lelepenna.”

Ngomongna kitoe, si Karim teh bari ngodok lelepen tea tina sakoena sarta toeloej diasongkeun ka djaga lawang katiloe. Sanggeus diilikan, eta lelepen dibikeun deui koe djaga lawang ka si Karim, bari omongna: „Enja bae lelepen Kangdjĕng Radja. Lamoen ĕngke koe silaing disanggakeun, tangtoe silaing meunang gandjaran ti Kangdjng Radja. Tah tina eta gandjaran, koe silaing koedoe dika-dewekkeun sapĕrtiloena. Lamoen sanggoep, heg koe dewek dipangmoekakeun panto. Lamoen teu sanggoep, leuwih hade balik deui, da moal aja noe mangmoekakeun panto, ari lain dewek mah.”

Omong si Karim dina hatena: „Lapoer atoeh, oepama ditoeroet teh, aing hĕnteu kabagean. Tapi oepama teu noeroet, nja moal bisa asoep, moal katingali-tingali atjan koe Kangdjĕng Radja. Ari aing geus katingali onaman, soegan bae andjeunna aja piwĕlasna ka aing, da bedjana adil pisan Kangdjĕng Radja teh.”

Rada lila si Karim teh ngahoelĕngna, mikiran piakaleun. Hantĕm bae dipikir diboelak-balik, dibeuweung dioetahkeun. Taja deui piakaleunana lian ti koedoe noeroetkeun kana eta pamenta djaga lawang. Gantjanging tjarita bae, pamenta djaga lawang teh geus disanggoepan koe si Karim, sarta