Djaga lawang: „Kadjeun teuing diidinan koe djaga lawang kahidji oge, tapi lamoen teu diidinan koe djaga lawang kadoea, maneh moal bisa asoep. Hajoh balik.”
Koe si Karim ditjaritakeun, jen maksoedna ka karaton teh, nja eta rek njanggakeun lelepen, kagoengan Kangdjĕng Radja.
„Tjoba ngilikan,” tjek djaga lawang, „lamoen ĕnja lelepen Kangdjĕng Radja, meunang maneh ngadeuheus ka karaton.”
Sanggeus ngilikan lelepen, djeung geus sidik, jen lelepen Kangdjĕng Radja, djaga lawang djadi marahmaj, ngomongna leuleuj, pokna: „Oentoeng, oedjang, tangtoe ngke digandjar koe Kangdjĕng Radja. Ajeuna kieu: Koe lantaran oedjang moal bisa asoep, lamoen panto hĕnteu diboeka koe bapa, djadi lamoen hajang asoep, koedoe aja panarima ka bapa, nja eta koedoe mere sapĕrtiloena tina gandjaran. Ari oedjang ĕmboeng roegi mah, lapoer, moal dipangmoekakeun panto.”
Koe si Karim geus kapikir, jen manehna kapaksa koedoe noeroetkeun sapamenta djaga lawang. Toeloej manehna njanggoepan, jen rek mikeun sapĕrtiloena tina gandjaran.
Gantjang pantona diboeka, sarta toeloej si Karim asoep, bari ngomong sadjĕroning hatena: „Djaga lawang noe kahidji sapĕrtiloe, djaga lawang noe kadoea sapĕrtiloe, djadi djoemlah doea pĕrtiloe. Atoeh ngan sapĕrtiloena, bagian indoeng aing.”
Sadjĕroning mikir kitoe, tĕroes si Karim teh leumpang bari toengkoel. Ari tanggah, bĕt geus aja deukeut karaton. Rada kaget manehna teh, sabab tadina kakara ngadenge bedjana bae, ari ajeuna nendjo pribadi, horeng kitoe karaton teh, latarna marmĕr, tihang-tihangna diaer-emas, dina tembokna loba pigoera djeung eunteung gĕde. Medja-korsina araloes djeung harerang. Lampoena rantoej gogojotan.
Geus kapikir koe si Karim, jen teu meunang oedjoeg-oedjoeg asoep bae ka karaton, da dinja aja deui djaga lawang noe katiloe. Memeh ditanja koe djaga lawang, boeroe-boeroe