Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/118

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
116

 Koe djaga lawang diilik-ilik; sanggeus sidik, jen lelepen Kangdjĕng Radja, kakara ngomong deui: „Ĕnja bae kagoengan Kangdjĕng Radja. Meunang ajeuna mah maneh ngadeuheus ka karaton. Tapi kieu: Engke maneh meunang gandjaran. Tah tina eta gandjaran, keur dewek sapĕrtiloena. Lamoen teu kitoe, ieu panto moal diboeka. Taja deui noe meunang moeka panto, lian ti dewek. Heg ajeuna timbang-timbang, mikeun gandjaran sapĕrtiloena ka dewek atawa balik ka imah.”

 Si Karim rada bingoeng; teu njanaeun, jen bakal rewel kitoe. Tapi lamoen teu disanggoepan, geus tangtoe manehna teu bisa asoep ka karaton. Nja tinimbang djaoeh-djaoeh pandjang gagang mah, toengtoengna noeroetkeun bae kana pamenta djaga lawang teh. Tapi dina hatena mah si Karim teh kieu pokna: „Lamoen aing meunang 30 dinar, djadi meureun 10 dinar keur djaga lawang. Atoeh indoeng aing ngan kabagean 20 dinar. Karoenja.”


30. Pada meunang sapĕrtiloena.

(Toeloejna 111).


 Geus kitoe mah djaga lawang teh kakara moekakeun panto bari si Karim dititah asoep. Pangira manehna teh ngan kari asoep bae ka karaton, euweuh deui noe ngadjaga. Ari sihoreng, di djĕro teh aja deui pagĕr tembok, lawangna kawas noe tadi, pantona beusi, toer aja noe ngadjaga.

 Barang nĕpi ka eta lawang, si Karim ditahan deui koe noe ngadjaga, teu meunang asoep.

 „Maneh teu njaho?” tjek djaga lawang, „jen teu meunang aja noe asoep ka karaton? Hajoh balik!”

 Tjek si Karim: „Abdi teh bade ngadeuheus ka Sang Radja, malah parantos diidinan koe djaga lawang kahidji.”