Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/117

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
115

bae manehna rek moeka panto, lantaran ingĕtanana, moal aja noe ngalarang, komo ieu mah rek njanggakeun barang timoe, kagoengan Radja. Teu njahoeun, jen sakoer noe rek asoep teh koedoe menta idin heula ka djaga lawang.

 Ari kĕk teh manehna njĕkĕl panto, dibetahkeun koe djaga lawang, omongna: „He boedak, rek ka mana? Hajoh balik, teu meunang asoep!”

 Si Karim: „Oepami kenging, abdi bade lĕbĕt ka karaton.”

 Djaga lawang: „Teu meunang! Hajoh balik!”

 Si Karim: „Abdi teh bade ngadeuheus ka Kangdjĕng Radja.”

 Djaga lawang: „Moal ĕnja aja boedak rek ngadeuheus ka Kangdjĕng Radja. Kangdjĕng Radja mah tara dideuheusan koe boedak. Hajoh balik! Teu meunang asoep!”

 Si Karim: „Abdi bade ngadeuheus teh, aja pĕrloe, nja eta bade njanggakeun lelepen, kagoengan Kangdjĕng Radja.”

 Djaga lawang teh kageteun, teu ngandĕleun kana omongan si Karim, tapi ajeuna mah rada leuleuj, omongna: „Tjoba ngilikan, bisi lain lelepen Kangdjĕng Radja.”

 Gantjang bae lelepen teh koe si Karim dikaloearkeun tina sakoena, ditembongkeun ka djaga lawang.