Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/116

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
114

Sapeuting harita si Karim teh ngagoeligah, hajangeun geura beurang. Atoeh isoek-isoek pisan hoedangna. Sanggeus mandi djeung geus dangdan, manehna amit ka indoengna, rek ngadeuheus ka karaton. Koe indoengna dipapatahan, koemaha pta-ptana djeung anggah-oenggoehna anoe ngadeuheus ka Radja. Babakoena koedoe awas ka anoe koedoe dihormat, anoe aja di karaton, oelah tjologog. Djeung oepama dipaparin gandjaran koe Kangdjng Radja, oelah poho, njĕboet sĕmbah sewoe noehoen.

Papatah indoengna kitoe koe si Karim dingĕt-ingĕt pisan. Memeh indit bismilah heula djeung menta didoakeun ka indoengna.

Lelepen Kangdjĕng Radja teh koe si Karim ditoengkoes koe lamak bĕrsih, toeloej diasoepkeun kana sakoe, tapi bari ditjĕkĕl bae, da bisi leungit.

Tjek indoengna: „Heg koe ma didoakeun sing salamĕt. Djeung lamoen ĕngke meunang gandjaran doeit, sing atiati, oelah nĕpi ka leungit.”


29. Pada meunang sapĕrtiloena.

(Toeloejna II).


Si Karim geus meunang bedja, di mana pĕrnahna karaton Radja, nja eta tjĕnah, di kidoeleun aloen-aloen. Gĕdongna gĕde toer agreng, dikoerilingan koe taman. Sakoeriling patamanan dipagĕr-tembok; ti hareupna, deukeut aloen-aloen tea aja lawang, pantona beusi, sarta deukeut eta lawang aja gardoeh tĕmpat pĕrdjoerit ngadjaga. Noe ngadjaga taja towongna, baganti beurang-peuting, nja eta prdjoerit noe njĕkĕl bĕdil.

Sadatangna ka dajeuh, tĕroes bae si Karim teh ngadjoegdjoeg ka karaton. Barang nĕpi ka deukeut lawang, tĕroes