Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
113

 Tjek goelang-goelang: „Tjoba bae, soegan silaing aja milik; sabab dawoehan Sang Radja, saha-saha noe manggil eta lelepen sarta datang ka karaton, njĕmbahkeun eta barang poesaka, bakal dipaparin gandjaran dinar ĕmas 30.”

 Barang si Karim ngadenge tjarita kitoe, ratoeg hatena, aja reuwas aja atoh. Toeloej manehna kĕkĕtĕjĕpan asoep deui ka imahna. Indoengna digeuingkeun djeung toeloej ditjaritaan, jen ali timoe manehna tea, kagoengan Radja. Rada pandjang njaritana, nja eta asal manehna ngimpi, toeloej hoedang, ngadenge noe keur ngaromong, toeloej ka loear ti imah, nĕpi ka sidik kadenge, jen lelepen Kangdjĕng Radja, noe katimoe koe manehna teh.

 Omong indoengna: „Soekoer bae, ari geus sidik onaman, jen kagoengan Kangdjĕng Radja. Oerang boeroe-boeroe bae sanggakeun ka andjeunna.”

 Si Karim: „Ĕnja ma, boeroe-boeroe bae sanggakeun, soepaja koering meunang gandjaran.”

 Indoengna: „Tjek saha, bakal meunang gandjaran ?”

 Si Karim: „Kapan goelang-goelang tea noe njarita, jen noe nimoe lelepen Sang Radja teh, bakal dipaparin gandjaran 30 dinar mas.”

 Indoeng si Karim njokot tjĕpoekna. „Alina dikaloearkeun, pek diilikan heula, geus kitoe toeloej dibikeun ka si Karim, bari pokna: Heh ieu, lelepen Kangdjĕng Radja teh. Ampihan masing hade. Isoekan isoek-soek koedoe disanggakeun koe maneh pribadi ka Kangdjĕng Radja.”

KEIZER, Panggĕlar Boedi, I (Soenda).       8