Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/114

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
112

ditoena teh beunghar manehna teh. Indoengna djeung adina marake papakean noe araloes. Dina medja geus sadia kadaharan noe ngareunah, beunang ngambĕngkeun, malah aja sangoe koneng diwadahan koe basi gĕde, direndengkeun djeung opor hajam kabiri. Barang manehna rek dahar, geus ngoembah leungeun, djeung geus ngalaan sangoe koneng kana tobas, njah manehna teh njaring, koredjat hoedang, pek loeak-lieuk, malah toeloej ngilikan medja, teu aja naonnaon, tetela ngimpi.

Sabot kitoe, si Karim teh ngadenge noe tinggrĕndĕng ngomong di djalan. Koe tina panasaraneun, bisi aja naon-naon, toeloej bae ka loear ti imahna. Manehna nendjo djĕlĕma tiloean keur ngaromong di sisi djalan. Noe saoerang goelang-goelang. Teu pati djaoeh ti dinja aja boedak lalaki batoer oelinna. Katendjona sidik pisan, da harita teh keur tjaang boelan.

Djoet si Karim teh toeroen, hajangeun njaho, djĕlĕma-djĕlĕma tea keur njararitakeun naon. Sidik pisan koe si Karim kadengeeun, noe saoerang kieu pokna: „Koering oge daek neangan.”

Ditembalan koe noe saoerang deui, pokna: „Neangan mah daek ieu-ieu ge, da tangtoe meunang gandjaran. Ngan ka mana neanganana, da leungitna teu kanjahoan di lĕbah mana. Di djalan gĕde mah geus wĕleh teu kapanggih. Sapandjangnga djalan gĕde geus ditjoba diteangan koe pirang-pirang djĕlĕma, tapi nja eta kalah ka tjape.”

„Nja eta atoeh,” omong goelang-goelang teh, „noe matak soesah oge, sabab teu tangtoe di lĕbah mana leungitna. Di leuweung ge leungitna teu moestahil. Ongkoh mangkoekna Kangdjĕng Radja teh angkat ka leuweung, ngĕrsakeun boeboedjĕng.”

Disamboeng koe noe saoerang, nja eta toekang ngala soeloeh, jen manehna sanggoep ka leuweung, rek neangan lelepen Radja, asal aja noe noedoehkeun, di lĕbah mana Kangdjĕng Radja lĕbĕtna ka eta leuweung.