Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/127

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
125

ka waloengan. Eta waloengan pĕrnahna djaoeh ti pangangonan, tapi moending kabeh oge geus apal kana djalanna, da geus maranti. Bawaning koe hanaangeun, moending teh paheula-heula harajangeun geura datang ka waloengan, kadengena tingkěrěbět tingbělěsk, aja oge noe ngabigbrig.

 Noe pangheulana indit ti pangangonan, moending si Djapar, djadi di djalanna oge geus djaoeh ninggalkeun batoer. Leumpangna teu pati gantjang, bari si Djaparna njeungtjleu dina tonggongna. Barang ngalieuk ka toekang, batoer-batoerna tinggaleun djaoeh, si Djapar teh ngagĕroan bědas pisan: „Geuwat euj, sing garantjang!”

 Baroedak noe pandeuri teh ngarangket moending, atoeh riboet moendingna laloempatan, njaroesoel moending si