Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/128

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
126

Djapar. Teu koengsi lila geus narěpi ka waloengan. Gantjang moending teh alantjroeb paheula-heula, sawareh těroes ka tĕngah, ka noe djĕro, něpi ka lapoet awakna, ngan tembong hoeloena bae djeung tandoekna. Katingalna djiga ngareunaheun pisan, ngarinoem saseubeuhna.

 Sanggeus sareubeuheun nginoem djeung geus ngeueum sawatara lilana, moending teh diharandjatkeun, digiringkeun ka lěmboer sarta toeloej dikandangkeun. Tapi sawatara moending ngareueum keneh, sabab boedak angonna ge masih keneh teuteuleuman, soekan-soekan silih simbeuh djeung batoerna.

 Harita teh di sisi tjai loba awewe keur njeuseuh. Katjida ati-atina njareuseuhna teh, sieuneun seuseuhanana kabawa koe tjai, komo barang tjai ngagědean, noe njareuseuh teh pahiboet nareundeun seuseuhanana dina batoe noe Ialoehoer. Ari tjai těroes bae ngagědean, di girangna tajohna keur hoedjan gěde.

 Baroedak awewe noe keur marandi koe indoengna diingětan, sing arawas kana tjai djeung oelah mandi di těngah, bisi palid. Eta baroedak awewe aja limaan. Marandina di sisi bae, teu padjaoeh, malah ngantaj patjěkěl-tjěkěl. Katjida maranehna teh sěmoe rěsěpna, tingkětjěběk djeung tingtjirihil.

 Noe keur njareuseuh, nja eta indoeng atawa bibi baroedak noe keur marandi, sakeudeung-sakeudeung ngaralieukan tjai, bisi tjaah, djeung teu wěleh njarek baroedak ka těngah sarta nitah patjěkěl-tjěkěl sing pageuh.

 Baroedak awewe teh beuki pageuh patjěkěl-tjěkělna, noeroetkeun papatah indoengna tea.