Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/129

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
127

33. Boedak teuneung.

(Toeloejna).


 Lantaran geus rada lila diarawaskeun, tjai geus teu ngagědean deui, awewe noe njareuseuh teh djongdjon bae, hěnteu pati ngalieukan ka baroedak.

 Sabot kitoe, oedjoeg-oedjoeg raong bae, baroedak awewe teh tingdjarěrit menta toeloeng.

 Atoeh noe keur njareuseuh teh rareuwaseun sarta gantjang ngalieuk ka těngah tjai. Tetela boedak lima teh ngan aja opat. Si Misněm euweuh.

 Noe pangtarikna ngadjěrit, si Oemi, adi si Misněm. Tadina mah si Misněm teh pageuh pisan njěkělan leungeun adina. Kawasna rada ka těngah, djeung reuwas manggih noe djěro, něpi ka leungeun adina dilesotkeun, toeloej manehna ngaleong. Rek dirawel leungeunna koe adina, teu karawel, djeung adina sieuneun kabawa palid, toeloej bae gěgěroan bari tjeurik: „Misněm palid! Misněm palid!”

 Noe palid diarawaskeun, sakapeung ngamboel, sakapeung kalěm, djeung beuki djaoeh.

 Awewe noe keur njareuseuh toeloej harandjat, maksoedna rek laloempatan, ngoedag noe palid, tapi noe palid geus teu katembong. Indoeng si Misněm kajar-kijir ka hilir ka girang, teu poegoeh rarasaan, rawah-riwih bari sasambat, pokna: „Adoeh Misněm! anak aing! Toeloeng Goesti! toeloeng!”

 Ari baroedak lalaki noe kasěboet di loehoer tadi, harita teh geus harandjat, rek baralik. Ngadenge awewe noe tingdjarěrit, maranehna tingraranděg; noe geus toempak moending oge toeroen deui bari narendjo ka hilir. Noe palid teh katendjoeun koe si Djapar samar-samar. Gantjang bae si Djapar teh toetoeroeboen, toeloej ngodjaj satakěr tanaga, niat noeloengan noe palid.