Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/130

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

128

 Tina tarikna si Djapar ngodjaj, noe palid teh geus kasoesoel. Rek dihontal sampingna, kaboeroe ngalělěp deui. Si Djapar ngaboseh deui sakoeat-koeat. Noe palid teh leungeunna ngatjoeng sakeudeung, tapi toeloej ngalělěp deui bae. Beuki antek maksoed si Djapar hajang noeloengan anoe tjilaka.

 Kaběněran samping noe palid teh tembong deui, gantjang dirawel, karawel.

 Barang sampingna ditarik, leungeun si Misněm ka loehoer, atoeh kěk bae ditjěkěl koe si Djapar, sarta toeloej dibawa ngodjaj ka sisi. Awewe-awewe noe aja di sisi tjai patinggorowok: „Sing pageuh njěkělna, oedjang! sing pageuh! oelah kalesotan!”

 Djongdjon bae si Djapar ngodjaj, hajangeun geura něpi ka sisi, bororaah ngadengekeun noe tinggorowok.

 Sawatara boedak lalaki batoer si Djapar mangrisikeun, bisi si Djapar kakoerangan tanaga, tina sabab geus ngodjaj sakitoe djaoehna djeung sakitoe tarikna. Noe doeaan toetoeroeboen toeloej ngodjaj, ngabantoean si Djapar, narik si Misněm. Gantjangna něpi ka sisi, si Misněm geus dihandjatkeun, geus diroeboeng koe indoengna djeung babatoeranana. Tangtoe pisan sarerea ngarasa boengah, komo indoeng si Misněm mah, boengahna teh taja babandinganana.

 Si Misněm teh dilaan sampingna, diganti koe noe toehoer, toeloej dikěděngkeun dina lahoenan indoengna, bari pada njeungtjeurikan. Lila-lila si Misněm beunta, toeloej tjeurik.

 Noe ngaroeboeng nandakeun boengah, roepa-roepa ngaromongna. Tjek noe saoerang: „Soekoer geus bisa tjeurik mah, salamět!”