Lompat ke isi

Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/136

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
134

sarta kamanah katjida, něpi ka ngadawoeh kieu : ,,Daek maneh disakolakeun ka nagora Walanda? Di ditoe aja sakola gambar. Lamoen maneh hajang leuwih pintěr ngagambar, koedoe asoep sakola gambar. Koemaha kira-kirana, diidinan koe bapa maneh ?

 Pioendjoek Raden Saleh : ,,Maksad pisan bade těras sakola gambar, margi kaemoet pěrloe těrang kana elmoena noe langkoeng těbih. Manawi ka poen bapa ge teu djadi kaabotan."

 Waktoe harita, joeswa Raden Saleh kakara 15 taoen. Saěnjana djaman harita, lalampahan ka nagara Walanda teh asa katjida djaoehna, djeung katjida soesahna, sabab tatjan aja kapal api, ngan kapal lajar bae. Di djalanna něpi ka mangboelan-boelan. Katjida pisan langkana keneh, oerang dieu anoe njaba ka Eropa, komo boedak mah. Tapi sanadjan kitoe ge, Raden Saleh hĕnteu moendoer, bawaning kějĕng rek nroeskeun ngoelik hal gambar.

 Gantjanging tjarita, Raden Saleh geus diidinan koe ramana, djeung geus balajar, malah geus npi ka nagara Walanda.

 Katjarita sanggeus Raden Saleh aja di nagara Walanda, heuleut sawatara poě geus kaoeninga koe Sri Maharadja, malah marga timbalanana, Raden Saleh geus dipasrahkeun ka toekang garnbar noe mashoer, soepaja dipadjoekeun kabinangkitanana tina ngagambar.

 Katjida rĕsěpeunana eta goeroe ka Raden Saleh, kitoe deui Raden Saleh ka goeroena, anoe matak tambah sosonsoson bae diadjarna, npi ka meh tamplok kabeh kapintĕran goeroena teh.

 Gambar-gambar boeatan Raden Saleh, koe ieu-ieu dipoedji, nadjan koe ahli gambar ge. Noe katjida pada moedjina, nja eta gambar leuweung kadoeroek. Katjida matak heranna. Roepa-roepa sasatoan djiga noe hiroep, laloempatan njingkiran seuneu, lantaran panas djeung haseup. Di toekangna