Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/137

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

135

seuneu hoeroeng moentab-moentab djeung haseup moelěk.

 Noe sedjenna gambar jasa Raden Saleh, noe pohara matak běngongna, nja eta gambar banteng taroeng djeung singa doea. Anoe hidjj singana geus nangkarak, ditoeblěs koe tandoek banteng, soengoetna tjalangap, soekoena roroěsan, bari koekoena tarembong rek dipake njakar. Singa anoe hidjj ngarontok, toeloej ngarangsang, něpi ka aja dina tonggong banteng, ngěrěkěb poendoek banteng, bari njakar, koekoena njarěblok kana daging banteng, něpi ka baloboran.

 Djaba ti nagara Walanda, nagara-nagara noe sedjen oge di boeana Eropa disoempingan koe Raden Saleh, bahakoena ningalian patěmpatan noe araloes, noe araneh, sangkan tambah kaoeningana tina kaahengan doenja. Di těmpat-těmpat noe disoempingan, tara sakeudeung ngandjrěkna, sabab andjeunna ngaraos bětah. Ngoembarana di Eropa ěpi ka 20 taoen. Tapi nadjan bětah sapoeloeh kali bětah