Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/138

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
136

ge, ari ka lěmah tjai mah bandjar karang pamidangan, djeung ka kadang koelawargi, andjeunna teu wěleh eměet, malah sok radjeun koemědjot, hojong moelih.

 Sanggeus ngaraos laksana sapanědjana, geus taja kapanasaran, Raden Saleh ngantoenkeun tanah Eropa, ngadjoegdjoeg ka Poelo Djawa, sarta dina taoen 1851 geus soemping ka Djakarta, nja těroes ngadaměl boemi, noeroetkeun tjita-tjitana. Boemina teh kaliwatan koe djalan noe ajeuna ditělahkeun ,,Raden Saleh Laan". Heuleut sawatara taoen andjeunna ngalih ka Bogor.

 Sasoempingna ka Poelo Djawa, Raden Saleh těroes bae ngadamĕlan gambar-gambar, kajaning gambar: djĕlěma, sawah, leuweung djeung salianna. Babakoena něraskeun karsěp ti babaheula, ti keur moerangkalihna tea, nja eta ngagambar sasatoan, sapěrti : singa, maoeng, moending atawa koeda.

 Sanggeus sěpoeh, Raden Saleh angkat deui ka Eropa, ningalian těmpat-těmpat noe bareto geus disoempingan. Angkatna teh disarěngan koe garwana. Tapi di Eropana teu pati lila, enggal moelih deui bae ka Poelo Djawa, tras boemen-boemen di Bogor, něpi ka poepoesna pisan, nja eta dina taoen 1880. Ajeuna ge aja keneh padjaratanana dialoesaloes.

36. Gadjah aheng.

 Djaman baheula aja hidji radja, katjloek ka awoenawoen, kawěntar ka mana-mana tina kabeungharanana, tjek babasan rea kětan rea kěton, boentjir leuit rea doeit, salieuk beh teu aja pisan kakoerang. Karatonna di těngah patamanan, noe pinoeh koe noe araneh, tatangkalan noe matak heran, kěkěmbangan soemělěběr matak hegar, njamboeang sapakarangan. Di těngah taman aja empangan, noe laoekna