Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/141

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
139

babatoeran noe ngamoesoehan, katjida pisan sědihna. Padahal rarasaan mah hěnteu moengpang kana papatah kolot, nja eta sok milihan pibatoereun, djeung kaoela handap asor, tara njieun pikangewaeun batoer. Tapi nja eta teu kaharti, babakoena babatoeran noe oemoerna leuwih kolot, ari aja di pamandian atawa aja di těmpat njiar kahakanan, sok ěmboengeun reureudjeungan djeung kaoela. Kaoela njolondo oge ngadeukeutan, tara daek mirosea, djeung ngaboedian sagala. Asana teh teu poegoeh-poegoeh, wět pada ngamoesoehan,

Dina hidji poë kaoela mandi di waloengan, noe tjaina katjida pisan herangna. Di dinja kakara ngarti, anoe matak babatoeran teu rěsěpeun teh, lantaran kaoela bodas, teu saroea djeung maranehna. Atoeh tambah sedih bae karasana koe kaoela teh.

Ti harita tara marok-marokkeun maneh, da roemasa goreng roepa, toeloej bae kaoela ngoembara djaoeh, sangkan teu papanggih deui djeung babatoeran.

Ari di pangoembaraan di hidji leuweung, doemadakan ngadenge sora noe aneh, aja noe kokorosakan di noe bala. Ari dilieuk, horeng djělěma, anoe kokorosakan teh. Kakara harita pisan kaoela nendjo djělěma. Mimitina koe kaoela disangka manoek, lantaran manoek noe soekoena sok doea teh. Tapi eta mah lain manoek.

Isoekna deui eta djělěma datang deui ka těmpat tadi, djeung mawa batoer doeaan. Tapi tiloeanana ge teu ngaganggoe ka kao ela, ngan narendjokeun bae. Geus kitoe mah toeloej arasoep ka těmpat noe pinoeh koe tatangkalan, les teu katembong.

Poë eta pasosore kaoela leumpang ka talaga, noe teu djaoeh pěrěnahna, ngadon nginoem. Meh oenggal poë kaoela sok kadinja teh, malah sakapeung sok antjroeb toeloej mandi.

Sasari mah di dinja teh tara aja naon-naon. Sok ngawaskeun ka sakoeriling talaga, taja deui noe ketendjo, kadjaba