
ti tatangkalan djeung djoedjoekoetan noe loemrah. Ari harita di sisi beulah ti ditoe bĕt aja gadjah hidji. Katendjona eta gadjah sĕmoe rĕsĕpeun ka kaoela, malah njĕloekan, ngadjak wawawoehan. Pek manehna ngĕnjangan areuj-areujan koe toelalena, digoendoekkeun hareupeunana, ngabibitaan kaoela.
Tina kaoela geus heubeul teu papanggih djeung bangsa sorangan, toeroeg-toeroeg noe ngadjak wawawoehan teh sakitoe someahna, hĕnteu mikir pandjang-pandjang, toeloej bae kaoela ngodjaj, njampeurkeun ka manehna.
Areuj-areujan noe beunang ngoempoelkeun tea koe manehna dibikeun ka kaoela. Manehna mah toeloej asoep kana gĕrĕmbĕl. Panjana kaoela, manehna teh rek balik deui, tapi lila teu ĕmbol-ĕmbol, koe kaoela ditoetoerkeun, soegan kapanggih, nĕpi ka kaoela bingoeng, lantaran leungiteun galoer. Beuki djaoeh-beuki djaoeh kaoela leumpang, toeng-toengna djol bae nĕpi ka hidji tĕgal lĕga.