Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/143

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
141

Katendjo ti kadjaoehan, di dinja aja aděgan dihateup mota. Beh ditoena aja haseup ngěloen ka loehoer. Kaoela ngarasa kaget djeung keueung, hajang geura balik deui, asoep ka leuweung.

Sabot kitoe, aja sora gadjah ngaděngek. Gadjahna mah teu katendjo, ngan kawasna gadjah noe keur diteangan tea koe kaoela. Harita keneh, sora gadjah noe bieu teh ditembalan koe sawatara gadjah, noe kadenge sorana di toekangeun kapela. Barang kaoela rek malik, boeroedoel noe disada teh, kabehna sapoeloeh gadjah, njalampeurkeun ka kaoela, marěgatan, sangkan kaoela teu bisa asoep ka leuweung. Koe sabab eta, kaoela teh geus teu bisa ngalawan, toeloej bae digiringkeun koe gadjah anoe sapoeloeh, mapaj těgal. Beuki djaoeh eta těgal beuki heurin, djeung di kentja-katoehoena dipagěr koe kai poeloekan anoe galede, di podjokna leuwih heurin djeung pagěrna leuwih santosa. Kaoela malik rek balik deui, tapi teu bisa, sabab lawangna geus dipeundeutan.

37. Gadjah aheng.

(Toeloejna I).


Ajeuna kaoela kari sorangan, geus aja di těmpat heurin toer dikoeběng koe tihang anoe galěde djeung laloehoer. Tina roemasa teu boga dosa, djeung moal aja anoe noeloengan, kaoela niat ngamoek. Tihang-tihang ditjoba-tjoba ditjaboet, hěnteu katjaboet, didoepak teu rengrot-rengrot, tangtoe katjida djěrona nantjěbkeunana. Digadilan djeung ditodjosan koe gading, tihang-tihang teh teu kieu-kieu, wantoening kajoe beusi anoe katjida teuasna.

Kaoela ngarasa teter, ngarasa koerang tanaga. Hajang ka loear teu bisa, ngan bati sědih bae.