Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/144

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
142

Gadjah-gadjah noe loba tea kawas sarieuneun oge koe kaoela, da euweuh hidji-hidji atjan noe tembong. Ngan teu kaharti, koemaha njalingkirna.

Bawaning tjape djeung soesah, kaoela ngarasa lěsoe, brěk bae děpa něpi ka peuting, geus teu ingět di kaler-kidoel, toengtoengna reup bae heës. Ingět-ingět geus braj beurang, djeung soekoe toekang dirante beusi, ditjangtjangkeun kana tihang noe panggedena.

Teu koengsi lila datang djělěma noe ngaloengan kahakanan, koe kaoela teu direret-reret atjan. Eta djělěma oenggal isoek sok ngaloengan kahakanan, tapi koe kaoela teu ditolih, da teu hajang baranghakan, malah něpi ka saminggoe teu nginoem-nginoem atjan. Geus kitoe mikiran maneh, nadjan ditapaan oge, geus teu aja pětana bisa ka loear tina pandjara. Isoekna mah mimiti kaoela njatoe, djeung mimiti ngarasa rěsěp ka djělěma noe sok ngaloengan kahakanan tea, lantaran manehna siga noe njaaheun pisan ka kaoela. Isoekna deui kaoela dikaloearkeun, dibawa ka waloengan, digoejangkeun. Harita kaoela mikir, jen oepama boga niat ngarah pati ka eta djělěma, gampang katjida, dirawel bae koe gading, sakali ngabeubeutkeun ge, geus moal ěngap deui. Tapi sabab eta djělěma taja dosana, malah sěmoe njaaheun pisan ka kaoela, djadi kaoela taja pikiran rek njilakakeun ka manehna, malah anggoer hajang mimitran.

Lila-lila kaoela njaho, jen sarati disěboetna, noe sakitoe goematina ngamoemoele kaoela teh. Ari dina hidji poë eta sarati njarita ka kaoela, pokna: „He Paing, noe matak maneh. diala, marga timbalan Sang Radja. Pikeun tanda kaagoengan, andjeunna teh koedoe kagoengan gadjah poetih, toetoenggangan dina waktoe arak-arakan. Saěnjana andjeunna geus kagoenganeun gadjah poetih, ngan geus katjida kolotna, geus meudjeuhna diganti. Eta sababna noe matak maneh diakalan něpi ka beunang. Tangtoe Sang Radja njaaheun ka maneh, sarta tangtoe dimoemoele hade-hade, moal