Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/145

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
143

koerang naon-naon. Boelan hareup Sang Radja bakal diarak moetĕran kota. Geus moal salah ramena.”

Pikir kaoela: „Hajang teuing geura nĕpi kana waktoe arak-arakan. Hajang njaho rame-ramena.”

Satjarita sarati teh kaboektian dina waktoe arak-arakan. Karameanana geus lain tjaritakeuneun. Sapandjang djalan, sakoer noe bakal kasorang, diawoeran kekĕmbangan roepa-roepa. Kaoela dirarangkenan djeung dihiasan koe sing sarwa hoeroeng-herang; sirah kaoela make tioeng roembe-roembe, disampajan mangle kĕmbang noe sareungit. Di sisi