Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/146

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
144

djalan kentja-katoehoe djělěma pasěděk-sěděk, meh euweuh těmpat noe lowong. Anoe nongton ti soeklakna ti sikloekna, ti Nangkorek lila poëk, ti Nanggerang lila beurang, nakleuk ngadjoegdjoeg ka dajeuh. Kaoela ngarasa senang ditoenggangan koe Sang Radja, diaping para ponggawa. Ngareret ka sisi djalan dina lebah noe kalangkoengan koe Sang Radja, djělěma darongko kabeh, nandakeun hormat. Aja saoerang noe ngomong kieu: „Ieu mah ngora keneh, gadjah poetih teh.” Ditembalan koe noe sedjen: „Poegoeh bae, ieu mah meudjeuhna bědas, djeung loetjoe deuih."

Sadjeroning arak-arakan kaoela ingět ka babatoeran di leuweung, noe sok ngamoesoehan tea, lantaran kaoela bodas, henteu hideung kawas maranehanana. Ari Sang Radja djeung rahajatna bět njaaheun djeung resepeun ka kaoela, atoeh kaoela ngarasa bagdja. Arak-arakan saroepa kitoe oenggal taoen sok diajakeun. Kaoela teu wěleh resep, malah mindeng ngarěp-ngarěp kana waktoe arak-arakan.

Aja deui pikarěsěpeun kaoela teh, nja eta sok ngasoeh para poetra, boh noe paměgět boh noe istri. Komo eta mah Sang Poetri apet djeung gěten katjida ka kaoela. Sakitoe boerěj keneh teh, make sok dongeng nanaon. Sasaoeranana sok alon djeung bari mesem, sakapeung mah něpi ka teu pati kadenge. Kasoekaan-kadoekaan koedoe bae disaoerkeun ka kaoela. Ari keur senang manahna sok ngadeukeutan ka kaoela, sok ngoesapan toelale, bari moedji ka kaoela, saoerna: „Nadjan di nagara ieu loba gadjah, ari noe tjara Paing mah bageurna djeung pinterna, moal aja. Tah eta sababna noe matak Paing koe kami dianggap mitra sadjati.”

Kasaoeran Sang Poetri kitoe katěroesan koe sarati, kieu tjěnah: „Sang Poetri trěsna katjida ka iboe-rama. Djaba ti eta, nja maneh kakasihna teh.”