Kaca:Panggelar Boedi - Jilid I.pdf/150

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
148

loengsoer. Kaoela heran djeung mělang sarta ngomong di djěro hate: „Koe naon Prameswari teh? Teu damang, kitoe?”

Sababaraha kali dioeběk di patamanan, malah karaton dikoerilingan djeung ditempoan, wěleh bae Sang Prameswari teu tembong. Doemadakan kaoela keur hoelang-hoěleng, bět ngadenge sora orok, 'ea-'eaan. Teu koengsi lila ti karaton aja noe toeroen, ngabedjaan noe di loear, jen Sang Prameswari babar, poetrana poetri; wiloědjeng doeanana.

Kaoela kakara ngarti, jen kitoe sababna, noe matak Sang Prameswari geus lila teu kěrsa aměng ka patamanan.

Heuleut sawatara poë Sang Radja loengsoer ka latar, diiring koe hidji ěmban noe nanggeuj bantal soetra. Eta bantal die bogan koe poetri boerěj, dangdosanana sing sarwa soetra. Kaoela ti patamanan gantjang loempat, hajang geura nendjo poetri. Ari geus deukeut ka dinja, rěg kaoela ngaranděg, teu wani deukeut pisan, bisi koemaha onam, djeung geus tetela poetri katendjo, katjida matak loetjoena, damisna lěměs tjamihmil djeung make imoet sagala. Dina hate katjida hajangna njabak, hajang ngoesapan damisna koe toelale, tapi bati hate bae, da adjrih koe Sang Radja.

Dawoehan Sang Radja: „Loetjoe, nja Paing, moerangkalih teh. Maneh tangtoe miloe njaah. Kadjaba ti iboena, poetrana ge koe maneh koedoe didjaga. Ngarti, Paing?”

Tangtoe pisan koe kaoela gantjang diwaler, koe ngoepat-ngapitkeun tjeuli.”

39. Gadjah aheng.

(Toeloejna III).


„Ti harita Poetri boerěj teh meh oenggal poë sok diěmban koe pangatik noe kadeuheus, diasoeh di loear, malah sok radjeun ka taman. Koe kaoela tara didjaoehan, bisi pangatik